Senin, 15 Februari 2010




AMANAT PRABU SILIWANGI

Sampura sun
Hei..rahayat sunda, iyeu kula datang, rek neupikeun hiji pamenta kula ka arandika.....kula hayang nenjo sunda ngahiji dina lampah jeung paripolah, sadogdog saigeul sapihanean, kacai jadi saleuwi kadarat jadi salogak kacai keur susuci kadarat keur ibadah...

Hiji amanat kula sing inget jeung kade poho, "PAKUSARAKAN", ulah paaing-aing, asa aing pang jayana asa aing pang kakoncarana, arandika salaku urang sunda hirup teh kudu yuni kembang ulah julid ati

Rahayat sunda sakabeh, sadaya seuweu putu SILIWANGI boh nu di priangan, nu di cirebon, nu di banten oge seuweu putu sadaya anu aya dibuana pancatengah..kula mihape kade pisan ualah silih pagetreng jeung sasama putu SILIWANGI, hade goreng masih dulur sorangan, munsalah ganjang omean mun bener geuwat tutuekeun
Kade ulah jadi putu SILIWANGI anu munafek, pohon kalembur matuh banjar karang pamidangan, poho kageulung kade yeuhh arandika sing inget timana keur dimana jeugn rek kamana

Nitip kula nagri sunda anu endah, mihape nya barudak...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar